Jumat, 19 Maret 2010

bahan ajar kls X

BAHAN AJAR KELAS X SEMESTER II
SASTRA SUNDA
Sastra asal kecapna tina basa Sansakerta nu hartina pangajaan, élmu pangaweruh, naskah, jeung buku kagamaan. Harti sacaa istilah nya éta karya senu anu digelarkeun ngagunakeun media basa, boh lisan boh tulisan. Dumasar wangunna sastra bisa dibagi jadi tilu, nya éta:


















DONGENG
Dongéng kaasup kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarngna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacra lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.
Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi:
 Dongéng sasatoan (fabél)
Dongéng anu palaku utamana sasatoan kayaning kuya, monyét, sieum, peucang jsb. Sasatoan-sasatoan éta bisa nyarita tur mnagrupa perlambang pasipatan manusa sabenerna mah. Conto dongéng fabél nya éta Sakadang Kuya jeung sakasang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, Peucang jeung Maung.
 Dongéng jalma biasa/teu lumrah (farabel)
Dongéng anu nyaritakeun kahrupan jalma biasa, tur biasana mah pasipatanna mahiwal ti batur. Contona Dongéng Si Kabayan, Abu Nawas, Si Congcorang.
 Dongéng sasakala/legenda
Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajdian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan. Contona sasakala gunung tangkuban parahu, sasakala situ bagendit, sasakala japati sukuna beureum.
 Dongéng mite/mithos
Dongéng anu aya hubunganna jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal gaib. Contona dongéng Nyi Roro Kidul, Nyi Dewi Sri, Dongéng Kuntilanak.
 Dongéng babad /sage
Dongéng nu aya patalina jeung kajadian atawa tokoh-tokoh nu ngandung unsur sajarah. Kayaning Dongéng Prabu Siliwangi, Dongéng Keansantaang, Dongéng Séh Abdul Muhyi.

CARITA PONDOK
Carpon nya éta carita rékaan dina wangun lancaran (prosa) nu sederhana, sabab kajadianna teu loba sarta museur kana hiji kajadian utama. Carpon mimiti gelar dina majlah Priangan taun 1929, sarta taun 1930 mimiti medal buku kumpulan carpon nu munggaran nya éta Dogdog Pangréwong kénging GS.
Ciri-ciri Carpon:
 Museur kana hiji kajadian
 Alur,setting, tokoh henteu loba sarta teu kompléks
 Bisa dibaca sakali réngsé
 Henteu leuwih ti 8 lambar
 Caritana méré kesan bener-bener kajadian
Pangarang carpon Sunda jeung karyana:
- R.A.F (Rahmatullah Adding Affandi): dongéng énténg ti pasantrén
- Ayatrohaedi: hujan munggaran
- Tini Kartini: Jurig
- Yus Rusyana: jajatén Ninggang Papastén
- Ki Umbara: Diwadalkeun ka Siluman
- Taufik Faturrahman: Kun fayakun
- Usep Romli: ceurik Santri
- Aam Amalia: Panggung wayang
Unsur carita:
1. Téma: inti pikiran/puseur implengan tina carita.
2. Alur: leunjeuran carita/lumangsungna carita.alur kabagi kan tilu nya éta:
- Ngaguluyur: nyaritakeun ti awal nepi ka lekasan
- Bobok tengah: langsung kana masalah atawa ka tengah-tengah carita
- Ti tukang: nyaritakeun ti tungtung
3. Palaku
- Palaku utama
- Palaku pembantu
- Palaku tambahan
4. Lattar/setting
5. Sudut pandang
- Ngagunakeun “kuring”
- Ngagunakeun ngaran tokoh/jalma
6. Amanat: hal nu rék ditepikeun ku pengarang tina eusi carita.

BIANTARA
Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Nyarita dina biantara henteu bisa sagawayah,tapi kudu bisa nepi kana tujuan éta biantara. Pikeun nepi kana tujuan,diperlukeun cara-cara atawa-teknik nyarita nu hadé ka balaréa. Dian ieu hal urang wanoh kanu disebut rétorika. Rétorika nya éta seni ngolah caritan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan ku caritaan urang.
Tujuan biantara rupa-rupa diantarana:
1. Mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu pidato
2. Méré informasi atawa warta
3. Ngahibur

Rupa-rupa biantara dumasar kana sipatna:
- Pidato pembukaan,sipatna muka hiji acara ku panata acara (MC)
- Pidato pengarahan, sipatna ngarahkeun atawa méré pituduh pikeun lumangsungna hiji acara
- Pidato sambutan, sipatna ringkes pikeun nyambut biasana ku panata calagara,pamingpin,
- Pidato peresmian, sipatna ngaresmikeun hiji acara ku jalama nu boga pangaruh atawa pamingpin
- Pidato pengtanggungjawaban, sipatna laporan kana hiji pancén.

Jenis pidato dumasar kana tatahar (persiapan) nu dilakukeun saméméhna/metode pidato:
1. Impromtu: dilakukeun ngadadak, tanpa tatahar/persiapan
2. Manuskrip: ngagaunakeun naskah
3. Memoriter: ngagunakeun naskah terus diapalkeun tug nepi ka katalar.
4. Ekstempore: ngagunakeun pokok-pokok bahasan (garis besar) eusi pidato

Dina biantara saméméhna tangtu kudu aya tatahar heula.Tatahar/persiapan biantara nya éta:
1. Mikanyaho tingkat pangaweruh nu ngaregepkeun (pendengar)
2. Mikanyaho waktu ni disadiakeun
3. Niapkeun kekecapan nu bisa kaharti
4. Mikanyaho téma acara jeung jenis pidato
5. Jste.

Rangkay/skéma pidato:
- Bubuka: salam pembuka, muji syukur, ngagero (menyapa) nu nongton
- Eusi; medar jeung mekarkeun permasalahan atawa téma
- Panutup: kacindekan,harepan, amanat, salam penutup.



BABASAN JEUNG PARIBASA
Babasan nya éta ungkara dina wangun kecap kantétananu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Paribasa nya éta ungkara dina wangun kalimah anu geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Conto babasan:
• Panjang leungun
• Gedé hulu
• Jam karét
• Peujit koréseun
• Héto tihang
Conto paribasa:
• Adat kakurung ku iga
• Agul ku payung butut
• Jati kasilih ku junti
• Biwir nyiru rombéngeun

UNDAK-USUK BASA
Undak usuk basa sok disebut ogé tatakrama basa nya éta tingkatan basa nu kagunaanana pikeun kasopanan dina komunikasi/nyarita. Undak-usuk basa asup kana basa Sunda abad 17 nalika Mataram ngawasa tatar Sunda. Wangun undak usuk basa kabagi jadi tilu nya éta:
Loma Sedeng/lemes keur sorangan Lemes/lemes keur batur
Datang
Bapa
Pamajikan
Salaki
Indit
Balik
Indung
Mawa Dongkap
Pun bapa
Pun bojo
Pun lanceuk
Mios
Wangsul
Pun biang
Ngabantun Sumping
Tuang rama
Tuang istri,geureuha
Carogé
Angkat
Mulih
Tuang putra
Nyandak


TATA KECAP
WANGUN KECAP
Wangun kecap bisa ditingali dina bagan ieu di handap





- Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anus ok disebut leksem salancar, tanpaparobahan nanaon.
- Kecap rundayan nya éta kecapanu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarngkén (afiks) kana wangun dasarna. Aya rarangkén hareup (infiks), tengah (konfiks), tukang (sufiks), barung (konfiks), sarta bareng (ambiks). Sangkan leuwih écés , bisa ditingali dina table ieu di handaP

RARANGKEN
RARANGKEN
Awalan Seselan Ahiran barungan Gabungan
Ba- (balayar)
di- (diajar)
ka- (katincak)
ti- (titajong)
N- (ngagambar)
Pa- (patani)
Pang- (pangalus)
Per- (pertanda)
Pi- (pidamel)
Sa- (sakilo)
Sang- (sanghareup
Ti- (titajong)
Ting- (tinggorowok) -ar- (aralus)
-in- (sinareng)
-um- (sumujud) -an (kuburan)
-eun (cicingeun)
-keun (alungkeun)
-na (bajuna)
-(n)ing (bakating) Ka—an (kakurangan)
Kapi- (kapiadi)
Pa--an (pasawahan)
Pang- - na (pangkasepna)
Pang—keun (pangmawakeun)
Pi- -eun (picontoeun)
Pika- (pikanyaah)
Pika- - eun (pikaresepeun)
Sa- - eun (sahandapeun)
Sa- - na (sawangsulna)





















- Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna sabagian atawa sagemblengna, boh binarung robahna sora jeung rarangkén atawa henteu.















- Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar boh cakal boh kecap, sarta ngandung harti mandiri. Aya dua kecap kantétan, nya éta: rakitan dalit jeung rakitan anggang.
- Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap.

WARNA KECAP
Kecap miboga warna sorangan. Warna kecap bisa ditingali dina bagan ieu di handap










- Kecap lulugu atawa kecap utama nya éta kecap nu miboga harti mandiri (léksikal) sarta umumna bisa dirobah wangunna
- Kecap pancén/partikel nya éta kecap nu gunana pikeun ngajéntrékeun kalimah katut babagianana
- Kecap panambah nya éta kecap pancén anu umumna jadi panambah kana unsur puseur dina wangunan frasa taributif, jaba ti éta ogé aya nu jadi katerangan dinaklausa.
 Panganteb, pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
 Panganteur, pkeun nganteurkeun kecap pagawéan, sakapeung ngnteurkeun kecap sipat.
 Panahap, pikeun nuduhkeun tahapan kayaan atawa sipat hiji barang, umumna dibarengan kecap sipat.
 Panangtu, pikeun nuduhkeun sesebutan, nangtukeun, milang, jeung ngawatesanan kecap barang
 Aspék, pikeun nuduhkeun lumangsungna kajadian boh geus réngsé boh can réngsé
 Modalitas, pkeun nuduhkeun sikep panyatur kana situasi nu karandapan
- Kecap panyambung nya éta kecap pancén nu gunana pikeun nyambngkeun babagian kalimah
 Satata, pikeun nyambungkeun babagian kalimah anu satata
 Sumélér, pikeun nyambungkeun anu teu satata, antara indung kaimah jeung sélér kalimah
 Papasangan, pkeun nyambungkeun babgian kalimah satata, biasana sok papsangan cicingna di awal jeung di tengah klausa
 Anteuran, pikeun nyambungkeun babagian kalmah dina alinéa atawa paragraf.






















- Kecap pangantet nya eta kecap pancen nu gunana pikeun ngantetkeun caritaan kana katerangan, ilaharna cicing hareupeun kecap barang. Contona: di, dina, ka, ti, jiga, ku, iwal, nepi ka, keur, jaba, ka.
- Kecap panyeluk nya eta kecap pancen pikeun ngebrehkeun ngungkapkeun rasa panyatur. Contona: wah, ih, euleuh, nuhun, aduh, hag siah..


NULIS SURAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar