Rabu, 17 Maret 2010

bahan ajar kls XI basa Sunda

WAYANG GOLEK
Wayang asal kacapna tina “bayang”. Istilah bayang atawa wayang maksudna mah bayangan atawa kalangkang tina wayang kulit. Pagelaran wayang kulit ngutamakeun kalangkang tina wayang nu maké layar. Wayang golék mimiti aya dina abad ka 16 (1518M). Harita sunan Kudus nyiptakeun wayang tina kai nu di ngaranan golék. Tujuanna nya éta sangkan wayang bisa digelarkeun beurang, henteu peuting wungkul.
Istilah-istilah dina wayang golék:
• Dalang : nu mingpin lumangsungna pagelaran wayang
• Sindén : awéwé nu sok ngawih
• Jurualok : lalaki nu sok ngeuyeuban kawih ti sindén/sindén lalakina
• Nayaga : tukang nabeuh gamelan
• Murwa : bubuka carita ti dalang
• Kakawén : lalaguan dina basa kawi
• Nyandra : bagian carita nu medar kayaan tempat, suasana, pasipatan
• Antawacana: tata nyarita unggal tokoh
• Garap : cara dalang ngigekeun wayang
• Suluk : siloka kahirupan dina caritaan tokoh
• Gugunungan : alat nu dipaké pikeun ganti sétting
• Bagedor : gebog cau paranti neundeun golék
• Campala : panakol tina kai nu dalang
• Campurit : awi dina awak golék paranti ditancebkeun
Carita wayang golék:
1. Ramayana : ditulis ku Walmiki, panjangna 48.000 jajar, nyaritakeun peranag antara Sri Rama ngalawan Rahwana nu ngiwat garwana Rama nya éta Déwi Sinta. Dina éta perang Rama dibantuan ku bala tentara monyét nu dipingpin ku Hanoman.
2. Mahabrata : ditulis ku Wiyasa panjangna 200.000 jajar, nyaritakeun perang sadulur antara pandawa jeung kurawa. Pandawa lobana lma urang nya éta Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. Ari Kurawa lobana 100 urang.

Klasifikasi tokoh golék:
1. Satria : rupana kasép tur sakti, contona Arjuna
2. Ponggawa : rupana gagah jeung tukang perang, contona Gatokgaca
3. Buta : rupana pikasieuneun tur aya sihungan, contona Duryudana
4. Panakawan : rupana pikaseurieun, aya opat nya éta Semar, cépot, déwala, jeung garéng.


DONGENG
Dongéng kaasup kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarngna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacra lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.
Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi:
 Dongéng sasatoan (fabél)
Dongéng anu palaku utamana sasatoan kayaning kuya, monyét, sieum, peucang jsb. Sasatoan-sasatoan éta bisa nyarita tur mnagrupa perlambang pasipatan manusa sabenerna mah. Conto dongéng fabél nya éta Sakadang Kuya jeung sakasang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, Peucang jeung Maung.
 Dongéng jalma biasa/teu lumrah (farabel)
Dongéng anu nyaritakeun kahrupan jalma biasa, tur biasana mah pasipatanna mahiwal ti batur. Contona Dongéng Si Kabayan, Abu Nawas, Si Congcorang.
 Dongéng sasakala/legenda
Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajdian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan. Contona sasakala gunung tangkuban parahu, sasakala situ bagendit, sasakala japati sukuna beureum.
 Dongéng mite/mithos
Dongéng anu aya hubunganna jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal gaib. Contona dongéng Nyi Roro Kidul, Nyi Dewi Sri, Dongéng Kuntilanak.
 Dongéng babad /sage
Dongéng nu aya patalina jeung kajadian atawa tokoh-tokoh nu ngandung unsur sajarah. Kayaning Dongéng Prabu Siliwangi, Dongéng Keansantaang, Dongéng Séh Abdul Muhyi.


NOVEL SUNDA
Novel mangrupa salasahiji genre sastra Sunda, datangna tina sastra bangsa deungeun, lain asli pituin sastra Sunda. Novel nya éta carita rékaan nu rélatif panjang dina wangun prosa sarta miboga alur, carita, jeung karakter anu kompéks. Ku alatan panjang, novel biasana mah sok mangrupa buku.
Novel Sunda nu mimiti medal nya éta Baruang Kanu Ngarora nu ditulis ku D.K. adiwinata dina taun 1914, dipedalkeun ku Balai Pustaka. Novel Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia, sabab novel dina basa Indonesia mah kakara aya dina taun 1920 (Azab dan sengsara, Merani siregar).
Unsur-unsur nu aya dina novél sarua baé jeung dina genre saastra lianna kayaning téma, alur, latar, penokohan, sudut pandang, jeung amanat. Carita dina novél biasana mah sok dipasing-pasing dina bab atawa bagian.dumasar kan caritana, novel bisa dipasing-pasing jadi:
1. Novel silih asih : nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama
2. Novel kulawarga : nyaritakeun masalah kulawarga palaku utama
3. Novel sosial : nyaritakeun atawa nyoko kana masalah sosial masarakat
4. Novel misteri : nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah
5. Novel sajarah : nyaritakeun kajadian sajarah
6. Novel jiwa/psikologi :nyaritakeun kayaan kajiwaan
Sababraha pangarang novel Sunda:
1. D.K. adiwinata : Baruang kanu Ngarora
2. Joehana : Carios Agan Permas
3. R.Memed Sastrahadiprawira : Pangéran Kornel
4. Ahmad Bakri : Payung Butut
5. Yosef Iskandar : Perang bubat

Unsur carita:
1. Téma: inti pikiran/puseur implengan tina carita.
2. Alur: leunjeuran carita/lumangsungna carita.alur kabagi kan tilu nya éta:
- Ngaguluyur: nyaritakeun ti awal nepi ka lekasan
- Bobok tengah: langsung kana masalah atawa ka tengah-tengah carita
- Ti tukang: nyaritakeun ti tungtung
3. Palaku
- Palaku utama
- Palaku pembantu
- Palaku tambahan
4. Lattar/setting
5. Sudut pandang
- Ngagunakeun “kuring”
- Ngagunakeun ngaran tokoh/jalma
6. Amanat: hal nu rék ditepikeun ku pengarang tina eusi carita.


RESENSI BUKU
Sacara etimologis, kecap resensiasalna tina basa Latin, nya éta tina kecap revidere atawa recensere. Résénsi (recensere,recencie,review) nya éta tulisan nu eusina manmgrupa tinimbangan ngeunaan kualitas hiji buku.
Tujuan résénsi:
- Nyadiakeun informasi nu kompréhénsif ngenaan hal nu aya dina buku
- Ngajak nu maca pikeun mikir sarta ngadiskusikeun fénoména nu aya dina buku
- Mere tinimbangan naha hiji buku téh pantes dibaca atawa henteu
- Nyadiakeun informasi ngenaan idéntitas buku
Sistematika résénsi:
1. Judul résénsi: judul résénsi kudu bisa ngajadikeun nu maca kataji.
2. Idéntitas buku: judul buku, pengarang, penerbit, taun terbit, jumlah kaca, harga buku.
3. Bubuka: bisa medar ngeunaan pengarang, ogé bisa ngawanohkeun buku.
4. Eusi résénsi: bisa dimimitian ku synopsis, saterusna mere tinimbangan ngeunaan kaonjoyan, punjulna (kelebihan) sarta kahéngkéran buku.
5. Panutup: tinimbangan ka nu maca naha éta buku téh pantes pikeun dibaca atawa henteu.


DRAMA
Drama nya éta salasahiji karya sastra dina wangun dialog/paguneman, maksudna pikeun dipagelarkeun. Ciri utama drama nya éta ayana dialog. Dina sastra Sunda, drama kakara aya sabada taun 1900an. Asupna méh bareng jeung carpon sarta novel. Drama mimiti dipintonkeun ku nya éta carita “lutung Kasarung” taun 1926 di Bnadung.
Rupa-rupa drama:
1. Drama komédi: drama nu dipikaseurieun
2. Drama tragedy: drama nu dipikasediheun.
3. Opera: drama nu ngandung unsure music jeung lagu.
4. Operet; opera nu pondok
5. Pantomim: drama nu dipagelarkeun ku bahasa tubuh jeung bahasa isyarat.
6. Gending karesmén: drama nu dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun.
7. Dramatisasi karya sastra; karya sastra nu dipagelarkeun dina wangun drama.
Pagelaran drama:
- Prolog: panganteur kana carita. Eusina biasana mangrupa katerangan tempat, waktu, ringkesan carita. Umumna prolog téh henteu asup kana lalakon, sabada prolog der baé lalakon dimimitian.
Conto prolog:di Karaton Sumedanglarang keur lumangsung sayembara nu .....
- Epilog: dialog panutup, biasana mangrupa amanat atawa kacindekan. Henteu kabéh drama ya epilog.
- Monolog: dialog/caritaan ka diri sorangan
- Babak: bagian-bagian carita. Cirri ganti babak nya éta ku nutupna layar atawa robahna setting.
- Adegan; disebut oge scene nu aya dina babak
- Pituduh/stage direction: bagian nu nuduhekun setti

CARITA PONDOK
Carpon nya éta carita rékaan dina wangun lancaran (prosa) nu sederhana, sabab kajadianna teu loba sarta museur kana hiji kajadian utama. Carpon mimiti gelar dina majlah Priangan taun 1929, sarta taun 1930 mimiti medal buku kumpulan carpon nu munggaran nya éta Dogdog Pangréwong kénging GS.
Ciri-ciri Carpon:
 Museur kana hiji kajadian
 Alur,setting, tokoh henteu loba sarta teu kompléks
 Bisa dibaca sakali réngsé
 Henteu leuwih ti 8 lambar
 Caritana méré kesan bener-bener kajadian
Pangarang carpon Sunda jeung karyana:
- R.A.F (Rahmatullah Adding Affandi): dongéng énténg ti pasantrén
- Ayatrohaedi: hujan munggaran
- Tini Kartini: Jurig
- Yus Rusyana: jajatén Ninggang Papastén
- Ki Umbara: Diwadalkeun ka Siluman
- Taufik Faturrahman: Kun fayakun
- Usep Romli: ceurik Santri
- Aam Amalia: Panggung wayang
Unsur carita:
1. Téma: inti pikiran/puseur implengan tina carita.
2. Alur: leunjeuran carita/lumangsungna carita.alur kabagi kan tilu nya éta:
- Ngaguluyur: nyaritakeun ti awal nepi ka lekasan
- Bobok tengah: langsung kana masalah atawa ka tengah-tengah carita
- Ti tukang: nyaritakeun ti tungtung
3. Palaku
- Palaku utama
- Palaku pembantu
- Palaku tambahan
4. Lattar/setting
5. Sudut pandang
- Ngagunakeun “kuring”
- Ngagunakeun ngaran tokoh/jalma
6. Amanat: hal nu rék ditepikeun ku pengarang tina eusi carita.

BABASAN JEUNG PARIBASA
Babasan nya éta ungkara dina wangun kecap kantétananu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Paribasa nya éta ungkara dina wangun kalimah anu geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Conto babasan:
• Panjang leungun
• Gedé hulu
• Jam karét
• Peujit koréseun
Conto paribasa:
• Adat kakurung ku iga
• Agul ku payung butut
• Jati kasilih ku junti
• Biwir nyiru rombéngeun

UNDAK-USUK BASA
Undak Usuk Basa nya éta panta-pantana atawa tingkatan basa nu dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur, kalungguhan, situasi sarta naon dicaritakeunna. kagunaanana pikeun kasopanan dina komunikasi/nyarita
Undak-usuk basa asup kana basa Sunda abad 17 nalika Mataram ngawasa tatar Sunda. Wangun undak usuk basa kabagi jadi tilu nya éta basa loma, sedeng, jeung lemes. contona:

Loma Sedeng/lemes keur sorangan Lemes/lemes keur batur
Datang
Bapa
Pamajikan
Salaki
Indit Dongkap
Pun bapa
Pun bojo
Pun lanceuk
Mios Sumping
Tuang rama
Tuang istri,geureuha
Carogé
Angkat




TATA KECAP
WANGUN KECAP
Wangun kecap bisa ditingali dina bagan ieu di handap











- Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anus ok disebut leksem salancar, tanpaparobahan nanaon.
- Kecap rundayan nya éta kecapanu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarngkén (afiks) kana wangun dasarna. Aya rarangkén hareup (infiks), tengah (konfiks), tukang (sufiks), barung (konfiks), sarta bareng (ambiks). Sangkan leuwih écés , bisa ditingali dina table ieu di handaP

RARANGKEN
RARANGKEN
Awalan Seselan Ahiran barungan Gabungan
Ba- (balayar)
di- (diajar)
ka- (katincak)
ti- (titajong)
N- (ngagambar)
Pa- (patani)
Pang- (pangalus)
Per- (pertanda)
Pi- (pidamel)
Sa- (sakilo)
Sang- (sanghareup
Ti- (titajong)
Ting- (tinggorowok) -ar- (aralus)
-in- (sinareng)
-um- (sumujud) -an (kuburan)
-eun (cicingeun)
-keun (alungkeun)
-na (bajuna)
-(n)ing (bakating) Ka—an (kakurangan)
Kapi- (kapiadi)
Pa--an (pasawahan)
Pang- - na (pangkasepna)
Pang—keun (pangmawakeun)
Pi- -eun (picontoeun)
Pika- (pikanyaah)
Pika- - eun (pikaresepeun)
Sa- - eun (sahandapeun)
Sa- - na (sawangsulna)





















- Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna sabagian atawa sagemblengna, boh binarung robahna sora jeung rarangkén atawa henteu.















- Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar boh cakal boh kecap, sarta ngandung harti mandiri. Aya dua kecap kantétan, nya éta: rakitan dalit jeung rakitan anggang.
- Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap.








WARNA KECAP
Kecap miboga warna sorangan. Warna kecap bisa ditingali dina bagan ieu di handap











- Kecap lulugu atawa kecap utama nya éta kecap nu miboga harti mandiri (léksikal) sarta umumna bisa dirobah wangunna
- Kecap pancén/partikel nya éta kecap nu gunana pikeun ngajéntrékeun kalimah katut babagianana
- Kecap panambah nya éta kecap pancén anu umumna jadi panambah kana unsur puseur dina wangunan frasa taributif, jaba ti éta ogé aya nu jadi katerangan dinaklausa.
 Panganteb, pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
 Panganteur, pkeun nganteurkeun kecap pagawéan, sakapeung ngnteurkeun kecap sipat.
 Panahap, pikeun nuduhkeun tahapan kayaan atawa sipat hiji barang, umumna dibarengan kecap sipat.
 Panangtu, pikeun nuduhkeun sesebutan, nangtukeun, milang, jeung ngawatesanan kecap barang
 Aspék, pikeun nuduhkeun lumangsungna kajadian boh geus réngsé boh can réngsé
 Modalitas, pkeun nuduhkeun sikep panyatur kana situasi nu karandapan
- Kecap panyambung nya éta kecap pancén nu gunana pikeun nyambngkeun babagian kalimah
 Satata, pikeun nyambungkeun babagian kalimah anu satata
 Sumélér, pikeun nyambungkeun anu teu satata, antara indung kaimah jeung sélér kalimah
 Papasangan, pkeun nyambungkeun babgian kalimah satata, biasana sok papsangan cicingna di awal jeung di tengah klausa
 Anteuran, pikeun nyambungkeun babagian kalmah dina alinéa atawa paragraf.




























- Kecap pangantet nya eta kecap pancen nu gunana pikeun ngantetkeun caritaan kana katerangan, ilaharna cicing hareupeun kecap barang. Contona: di, dina, ka, ti, jiga, ku, iwal, nepi ka, keur, jaba, ka.
- Kecap panyeluk nya eta kecap pancen pikeun ngebehkeun ngungkapkeun rasa panyatur. Contona: wah, ih, euleuh, nuhun, aduh, hag siah..











BASA SUNDA KELAS XI SEMESTER II

BAHAN AJAR

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar